DAWUHAN PANGERSA ABAH ANOM RA,Sya'ban 1393 H.

Ulah Ngahina, Nyawad Atawa Nyela
Allah SWT ngadawuh:
"yà ayyuhhal ladzìna àmanù là yaskhor qoumum ming qoumin 'asà ay yakùnù
khoirom minhhum wa là nisàum min nisà-in 'asà ay yakunna khoirom minhhunna
wa là talmizù angfusakum wa là
tanà bazù bil alqòbi bi-sal ìsmul fusùqu ba'dal ìmàni wa mal lam yatub
fa-ùla-ika hhumuzhòlimùn".
"Heh jalma-jalma nu ariman, ulah arek ngahina ka batur, lantaran bisa jadi nu
dihina teh leuwih alus ti maneh (boh awewe atawa lalaki). Ulah arek silih
carekan jeung sasama, ulah ngagentraan ku sebutan anu goreng. Ngaran nu
panggoreng-gorengna nyaeta pasek saba'da iman. Sing saha anu embung tobat, eta
teh jalma aniaya".
(Al-Hujarat 11).
-Ulah arek ngahina jeung nyaci, sabab boa teuing alus nu dipikangewa tinimbang
nu mikangewa. Boa alus nu dicacad batan nu nyacad. Boa alus nu dihina batan nu
ngahina. Pikeun ngabendung eta, piceun rasa: alus urang batur goreng, rasa cukup
tukang ibadah, nyangka salah bae ka batur, jeung sok agul. Pikeun nga-erem-na
nyaeta bersih ati ikhlas rasa.
Poma ulah ngalakukeun ibadah dibarengan ku takabur, ria, ujub jeung puyak-poyok,
alatan ibadahna bisa teu jadi.
Mun mah dihina, wayahna kudu sabar. Kusababiyahna sabarna eta, sugan we nu
ngahina bisa eling deui. Mun mah kakara dipoyok geus ambek, mangka moal aya
eureuna.
Mun dihina, pek geura urang teh cicing. Mun dipoyok, pek geura urang teh repeh,
tangtu geura aya Perbaikan. Rek kusaha deui atuh dirasakeunana sabar jeung
tawekal teh lamun lain ku diri urang sorangan mah.
Tembongkeun sabar jeung antep kana panghina jeung pamoyok batur.
Hasilna tina sabar, nyaeta repeh-rapih mashlahat lahir batin.
Thorekat ieu ulah dipake galideur deui sabab ngarupakeun tugas ti Allah parentah
ti Nabi. Mun dipake galideur, tangtu moal aya hasilna.
Nabi SAW ngadawuh:
"allòhhu robbuna wa robbukum lanà amalunà wa lakum amalukum là hujjata
bainanà wa bainakum".
"Allah Pangeran urang sarerea. Amal urang keur urang, amal batur keur batur.
Ulah jadi papaseaan di antara urang sarerea".
Omat ulah pacekcokan, eta teh cacad tina amal, matak rungkad amal.
Geura urang nyonto ka Nabi, nalika tabligh di To'if, anjeuna ditalenggoran dugi
kabaloboran getih, teras ditawisan ku malaikat supados eta jalma anu nalenggoran
teh diancurkeun, ari walerna: "Heh malaikat, lamun eta jalma diancurkeun, kumaha
teuing
Asep Batujajar

0 Response to "DAWUHAN PANGERSA ABAH ANOM RA,Sya'ban 1393 H."
Post a Comment